Jumat, 30 Januari 2015

Salawe dua puluh lima Mobil Sedan Cetna Hejo Awewe jaman ayeuna Bisa dandan teu bisa ngejo Salawe dua puluh lima Sayang piit na buruan Awewe jaman ayeuna Hayang .... nu buluan Mencit meuri dina rakit Boboko wadah bakatul Lain nyeuri ku panyakit Kabogoh di rebut batur Caang bulan opat belas Kacai di tiyung anuk Aya mojang matak waas Erloji ge menang nganyuk Mak tarasi tutung Keun urang balikeun Mak si nyai punung Keun urang kawin keun Aya roda na tanjakan Katinggang ku pangpung jengkol Aya randa gogoakan Katinggang ku hulu botol Piring pisin di ragaji Colenak di kalapaan Abdi isin ku paraji Boga anak euweuh bapaan Manuk ciung na pisitan Buah nangka aratah keneh Mun dicium kunu kumisan Sabulan karasa keneh Aya listrik di masigit Caangna ka pabrik kina Aya istri jangkung alit Hanjakal teu di calana Tongeret di baju hejo Cau amon dua deui Tong direret tong di tenyo Kuringmah geus boga deui Ecet - ecet oet - oet Ngaronda ngarurek beulut Kapelet kuring kapelet Ku randa nu gede hitut Meulak saledri sareung kangkung Tangkalna dua ngahiji Loba istri di tariung Hanjakal teu bisa ngaji Ngala saga sisi huma Di samberan ku waliwis Tiis raga tiis sukma Lantaran jadi kanu geulis Suwangkung ulah di humbut Pikeun tihang papanjangan Nu jangkung ulah sik imut Bilih kuring ka edanan Ninyuh ubar ku cipati Di wadahan piring geulas Anu sabar eta pasti Ku allah di pikawelas Papan kiara di tatah Iraha jadi lomari Mun bisa miara letah Mokahna salamet diri Jeruk purut Cikaruncang Jambu aer wanayasa Camerut hayang ka bujang Susu laer teu karasa Cau kepok keur rumegang Dieunteupan bonol hejo Keur dekok katamah egang Ditambah olol leho Ngala tutut ka talaga Alat na pacul ayakan Kitu patut hayang ka surga Solat nage eulateulatan Kamana jalan ka jogja Kaditu ka palih wetan Kamana jalan ka surga Kaditu kapangaosan Lauk emas dina ganggeung Disameran kujapati Boga emas moal langgeung Teu cara boga pangarti Meuli daging ka ciawi Jalan na ka singaparna Judang jeuding kasalaki Teu di bere eusi calana Hanyakal ngadu kaleci Liang beulut ngagedean Hanyakal boga salaki Liang .... ngageudean Sok hayang ka kadipaten Meuli bandeng salawean Sok hayang jd panganten Ngarah mineng ganti pakean Salawe dualima Sate kodok dI colok-colok Awewe jaman ayena Make anderok pa pondok-pondok Majar maneh cengkeh koneng Kulit peuteuy dina waru Majar maneh lengkeh koneng Kulit beuteung meuni nambru Aya jalma teu boga alis Sabab getol dikerokna Neng geulis tong gumeulis Sabab rujit katenjona Hoyong teuing angen waluh Angeun waluh di surawungan Hoyong teuing geura wawuh Tos wawuh rek di tepungan Boboko ayakan petot Papais teu di bitingan Kabogoh kuring anu peot Di ais kalah ngisingan….. Ngala eurih ngala eurih Sapoe meunang sadapur Nyeuri peurih nyeuri perih Awewe kuring d rebut batur.. Kaso pondok matak nyogok Kaso panjang matak nyugak Anu pondok jadi orok Anu panjang jadi budak Aya huma dekeut situ Eta huma nu bogana randa Nahaurang sunda teh kitu Alim nyarios ku basa sunda Ka Pasteur Jalan Dr. Junjunan Balik gawe naek jalan layang Aduh Lieur ngabandungan Boga awewe loba kahayang Cing cangkeling Pais lele di surawungan cing nyai cicing urang cium lalaunan Meuli kantong anu hideung Mani sae katingalna Bae teuing urang hideung Nu penting alus ahlakna Ayeuna usum paceuklik Ngan osok ka selang hujan Si fachrul awakna leutik Siga tuyul di pancoran Pekalongan kota batik Alusna ka bina-bina Bae teuing urang leutik Nu penting pinter otakna Pita naon pita naon Pita hideung na kalapa Eta naon eta naon Anu kembung dina dada?? Manuk ciung meni umpak Di oyag oyag ku beurit Hayang nyium bari numpak Bari ngoyag ngoyag birit, Kacang etek kacang etek Ngukuy belut d walungan Akang getek akang getek Geura cabut lalaunan Kacai jadi salewi Kadarat melak jambu bol Kaduhung boga salaki Nangkarak di geol geol…. Cai limun dina papan catur Buah kadu na buruan Lamun hayang loba batur Kudu akur jeung babaturan Bangbara dina bangbarung Kulit munding kahujanan Sangsara di jero padung Gulang guling ngan sorangan Kapinis di adu layung Macokan kembang kalapa Nu geulis tara di tiung Durukeun seuneu naraka Jalan jalan ka kota bogor Tong poho meuli batagor Aya naon di jeuro kolor Hiji pestol dua pelor Are - are daun pare Sayang manuk di buruan Awewe teu daek sare hayang manuk nu buluan Lamun maneh boga keris Sok paehan luak hiu Lamun maneh bisa basa inggris Sok naon artina LOVE U Nendeun siwur luhur sumur Nuna batok waah gula Rejeung batur kudu akur Ulah osok parasea… Saninteun buah saninteun Saninteun di parapatan Hapunteun abi hapunteun Bilih aya kaleupatan Kaso ponok kaso panyang Kaso ngarumay ka jalan Sono monok sono nganyang Enying ge bakal pateupang Lantera -lampu lantera Di kumbah di bersihan…. hampura atuh hampura… jorok oge da sisindiran


Tidak ada komentar:

Posting Komentar